Contoh Pidato Bahasa Sunda Ngeunaan Kabersihan Lingkungan
Asalamu’alaikum wr. wb
Para
hadirin anu ku simkuring di pihormat, alhamdulilah danget ieu urang
sadayana tiasa pateupung lawung pa amprok jonghok, dina raraga urang mi
eling kanu jadi kabersihan Jawa Barat.
Hadirin anu ku simkuring di
pihormat, sakumaha anu uninga ku urang sadayana, sabaaraha kota di Jawa
Barat teh tos sering kenging piala adipura ku sabab kabersihanana, endah
sareng asri. Ku kituna urang sadayana keudah ngajagi kana eta
kapercanteunan pamarentah ka urang sunda umumna. Tapi, aya wae masarakat
sunda anu sok miceun sampah timana wae. Sabab kurangna kasadaran di
diri satiap jalma ngeunaan kabersihan. Ku kituna hayu urang sing sadar
kanu jadi kabersihan kususna di kota urang sorangan jeung umumna di Jawa
Barat.
Hadirin anu ku simkuring di
pihormat, kalintang betah janten urang sunda. Atuh teu aya lepatna lamun
ku urang di jaga pasti – pasti sangkan sagala rupi anu mangrupakeun
kakayaan anu di piboga, ku urang di lestarikeun sangkan Jawa Barat,
leuwih nanjeur, leuwih maju dina sagala widangna. Hayu urang babarengan
ningkatkeun mempertahan keun Jawa Barat, kota Intan, Jawa Barat kota
pangirut.
Rupina mungsakitu nu tiasa di
dugikeun, bilih luhur saur bahe carek, bobo sapanon carang sapakan dina
cumarios, ka sadayana neda tawakup anu kasuhan.
Wabillahi taufik walhidayah
Tidak ada komentar:
Posting Komentar